Jejak Ina Hamid :
Home » » Jodo

Jodo

Written By Ina Tria on Senin, 09 Desember 2013 | 23.33

Vocal: Ina Tria
Cipt: Dedi Odoy


Ranggeuyan kembang kahéman
Nu mapaés taman haté
Najan ukur urang tepang salangkung
Duh… éndah, tepungna kadeudeuhna urang
Dag dig dug ratug teu puguh rasa
Léah dina lahunan

Anjeun geugeut tipepereket pageuh
Duh... éndah, duh... cinta
Waktos engkang rék mulang
Haté ngadadak honcéwang
Ringrang... duh... cinta
Inggis nogéncang

Engkang... moal jadi panasaran
Dihélaran ti baheula
Didodoho ti baréto
Tinekanan

Engkang... lamunan siang jeung wengi
Laksana ciptaning ati
Laksana ciptaning
Kiwari urang ngahiji
Paheut jangji

Dina amparan kahéman
Dipépéndé angin peuting
Disimbut halimun asih
Geugeut deudeuh
Duh... éndah taya duana

Didodoho engkang répok jodo

Dihélaran engkang tinekanan

Ina Tria, dalam video klip lagu "Jodo"

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Penyanyi | Pop Sunda | Presenter |Broadcasting | Tatarias | . All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Ina Hamid Tria